Kamis, 28 April 2011

HARIRING NU KUNGSI NYANDING

Hariring Nu Kungsi Nyanding
Laras: Pelog/Degung
Surupan: 1=Tugu
Sanggian: Mang Koko
Rumpaka: Winarya Art


Purnama nu kungsi leungit
Ayeuna dating ka buruan deui
Anu kungsi kapiati
Kiwari urang ditepangkeun deui

Hariring nu kungsi nyanding
Ayeuna datang ngahaleuang deui
Hayu patarema tineung
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Ayeuna mangsa nu endah
Hayu urang suka bungah
Caang bulan opatwelas
Narawangan ati bangblas

Ayeuna mangsa nu endah
Hayu urang suka bungah
Caang bulan opatwelas
Narawangan ati bangblas

HARIRING BANDUNG

Hariring Bandung
Laras: Pelog/Degung
Surupan: 1= Tugu
Sanggian/Rumpaka
Ujang Suwarna

Hariring hariring Bandung
Haleuang haleuang Bandung
Ngagalindeng sora degung
Mirig lagu degung panggung

Aduh Bandung, Puseurna Parahyangan
Aduh Bandung, Bandung tempat kabudayan

Kota kawarti , Pinuh wawangi
Bangsa lian oge mandang
Bandung nelah kota kembang

Nu kiwari
Bandung nu ngandung sajarah
Dayeuh  AA  nu katelah

Hariring, yu! Pikaeling
Haleuang, yu! pikamelang
Ka para nonoman Sunda
Kade lali budayana

BANGBARA

Bangbara
Laras: Madenda
Surupan: 4=Tugu
Sanggian/Rumpaka
Ubun Kubarsyah
Abu Iloh

Katresna deudeuh nu maneuh
Teu luntur kungsi pajauh, pajauh
Katresna deudeuh nu meumeut
Teu laas nyorang papisah, papisah

Gumebyar caangna bulan
Kungsi kahalangan mega, duh….
Asih kasilih wanci
Kutulisan nu pinasti

Bangbara leungiteun kembang
Kareumpeukan dangdaunan
Bangbara duh bangbara
Huang hieung katalimbeng

Bangbara leungiteun kembang
Taya geusan pamuntangan
Pangancikan titis asih
Ditaman langgeng kaheman

KARTINI SARTIKA

Kartini Sartika
Laras:  Pelog/Degung
Surupan: 1=Tugu
Sanggian/Rumpaka
Atang Warsita

Ieu abdi istri jaman kiwari
Rek neruskeun cita-cita Kartini
Sangkan istri bias hirup mandiri
Salawasna teu gumantung ka  lalaki

Ieu abdi mojang jaman ayeuna
Rek neruskeun tekad Dewi Sartika
Pikeun ngangkat harkat kaum wanita
Bias tandang sadarajat reujeung pria

Kartini , Dewi Sartika
Pahlawan kaum wanita
Cita-citana nu mulya
Dina ngabela kaumna
Berjuang teu pamrih jasa

Wanita jaman ayeuna
Mangka nyaah ka dirina
Sing eling ka tuturusna
Kartini Dewi Sartika
Rela korban jiwa raga

SAMINGGU KALANGKUNG

Saminggu Kalangkung
Laras:  Madenda
Surupan: 4=Tugu
Sanggian/Rumpaka
Atang Warsita

Saminggu kalangkung
Urang tepung mung salangkung
Salira mendung di paying
Mungguh lucu tur kayungyun
Raksukan kabaya Bandung
Saminggu katukang
Urang tepang di pengkolan
Bari leumpang rerendengan
Najan ukur saliwatan
Teu sangka janten kenalan

Saminggu nu tos kaliwat
Hate bet nganteng tibelat
Ngahaja arek dipegat
Salira taya ngaliwat
Saminggu nu tos kalangkung
Hate teh teu weleh gandrung
Piraku salira pundung
Saminggu ngantosan
Salira taya nembongan
Bingung kumaha carana
Kamana kedah nyusulna
Teu puguh laratanana

ANGKREK JAPATI



Angkrek Japati


Laras: Madenda                         Sanggian Mang Koko
Surupan: 4 = Tugu                Rumpaka: Wahyu Wibisana


Angkrek Japati na cangkring keur karembangan
Sisi wahangan barodas
Kareta api geus datang sinyal geus muka
Reug di stoplas Cibodas

Gupay gupay digupaykeun ku manehna
Reumbay-reumbay anaking
Reumbayna nginjeum cipanan ku manehna

LIWUNG

L I W U N G
Laras: Madenda
Surupan: 4=Tugu
Sanggian: Maman Swp
Rumpaka: Kos Warnika

Aya lagu ilang sirna na kacapi
Lebah madakeun teu daya pikeun nganggitna
Diri kaseuit ku kecap pileuleuyan
Nu kungsi dikedalkeun keur dirina

Kembang asih seungitna ngadalingding
Cenah cinta sawarga hirup
Hamo leungit sanajan dugi kapati
Tapi bentang nu dipuntangan
Ukur pangreka impian