Jumat, 29 April 2011

SARIAK LAYUNG DI GUNUNG



Sariak Layung di Gunung

Laras: Pelog                                            Sanggian : Mang Koko
Surupan: 1 = Tugu                   Rumpaka: Dedy Windyagiri


Sariak layung di gunung
Iber pasini patepung lawung
Teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung, Eh…
Ngawangwang nu dipigandrung, aduh..

Harendong meuhpeuy harideung
Jalan satapak rarambu leuweung
Kumalangkang rongheap nu kapitineung,…Eh..
Rongheap nu dipitineung, aduh..

Surya surup layung hibar
Ka tanjakan sawangan diumbar
Geus ngolebat ieuh samar-samar
Hariring asihna kapireng ngalalar

Angin tiis di mumunggang
Katitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh ieuh nu maranti
Sungkeman ka heman, saranggeuy malati

SALAM MANIS



Salam Manis



 Laras: Pelog/Degung                     Sanggian: Mang Koko
Surupan: 1=Tugu                           Rumpaka: Winarya Art


Ieu salam manis
Manis salam kuring
Nya ieu pisan nu salawasna nyanding
Nyaring ngahariring

Ieu salam manis
Manis salam kuring
Nya ieu pisan nu salilana nganteng
Anteng kapitineung

Datangkeun kuring deukeutkeun
Deukeutkeun kuring raketkeun
Duh dunungan
Datangkeun kuring deukeutkeun
Deukeutkeun kuring raketkeun

ASIH

Asih
Laras: Pelog/Degung
Surupan: 1=Tugu
Sanggian/Rumpaka:
Nano S.

Bawa sekar:
Dina kangen kapiraray
Dina ati kapiati
Manteng salira kacipta
Wuwuh endah ngalangkangan
Daya asih, daya asih, daya asih
Nguniangkeun lelembutan
Haliwu ngentringan kalbu

Dina anggang karaos asih teh nganteng
Dina serat karaos galecok sono
Waktos ngobrol karaos tingtrim na ati
Sewu tineung rangkul kangen
Karaos gugeut mamanis

Asih teh sungkeman tresna, asih teh kembangna cinta
Asih teh lagu abadi, asih teh permata ati
Rumaketna hiji jangji

Mipit ati ngolah jaga, daria ngawelah cinta
Ngancik dina sanubari, maneuh dina lelembutan
Manjang asih manjang kangen
Manjang tatali batin

Kamis, 28 April 2011

HAREWOS

Harewos
  Laras:Pelog/Degung                              Sanggian/Rumpaka
Surupan: 1= Tugu                                               Nano S.


Hayang ieu lagu tepi kanu dipiati
Tingtrim galindengna ngentringan rasa asihna
Bongan rasa dikukusut
Ku sora reujeung imutna cumantel bae

Geter harewos, kamelang
Ngajak reujeung babarengan
Dina asih anu manjang
Geter katresnan, miheman
Aya asih nu melentis
Eunteup deudeuh ka manehna

Hayang ieu lagu tepi kanu dipiati
Sugan nu dianti bisa ngarti
Hayang ieu lagu
Ngagalindeng na dirina
Nampa asih kuring
Nu miharepkeun cintana

MALATI LEUWI KINANTI

Malati leuwi Kinanti
Laras: Pelog/Degung
Surupan: 1=Tugu
Sanggian: Yoyo RW
Rumpaka: Dedy Windyagiri

Katumbiri melengkung ti kahyangan
Hujan kembang sumawur ka Pajajaran
Widadari lumungsur muru tampian
Ngadon siram di leuwi Sipatahunan

Dengkleung nineung
Kalangkang mangsa ka tukang
Dengkleung nineung
Silanglang dina panyawang

Dengkleung nineung
Kalangkang mangsa ka tukang
Dengkleung nineung
Silanglang dina panyawang

DI LANGIT BANDUNG BULAN KEUR MAYUNG

Di Langit Bandung Bulan Keur Mayung
Laras: Pelog                               Sanggian: Mang Koko
Surupan: 1=Panelu               Rumpaka: Dedy Windyagriri


Jangjang peuting geus ngalingkup
Ngarungkupan dayeuh Bandung
Anu hibar sinar lampu
Panto ati geus narutup
Mipindingan kawih asih
Anu halon tur halimpu

Geus paanggang geuning urang pajauh
Rek kasaha geuning nyungkem nyaluuh
Nu disungsi geuning nu diteangan
Duh ieuh teu tembong-tembong
Geuning taya ngiberan

Dilalangit langit Bandung
Ngempur hurung bulan keur mayung
Di lelemah lemah Bandung
Kapidangdung kapidangdung
Diri ditundung

BULAN SAPASI



Bulan Sapasi

Laras : Madenda                                      Sanggian/Rumpaka
Surupan: 4=Tugu                                        Gugum Gumbira
Bulan sapasi
Siga nyaksi diri abdi
Pias-pias sagala paningal
Katambias ge panginten

Angin asih nu bihari
Teu deui ngelusan diri
Digentos ku angin bajra
Matak sedih jeung nalangsa

Harepan kiwari ukur harepan
Da bentang di langit masih baranang
Harepan sugan sing jadi putusan
Da engkang masih osok neang datang

Aduh, aduh matak paur
Lamun diri katalanjur
Sanajan diri tinggal sapasi
Alim jadi laip diri

PEUTING NU URANG

Peuting Nu Urang
Laras: Pelog/Degung
Surupan: 1=Tugu
Sanggian/Rumpaka:
Amas Tamaswara

Peuting eta Enung, peuting nu urang
Sepi jempling, taya soara haringhang
Matak hariwang
Alam endah disanding bulan purnama
Bulan purnama
Simpe jempe matak betah
Ngumbara di pawenangan, di pawenangan

Peuting ieu Enung, kuring kapahung
Sasar lampah henteu puguh nu dijugjug
Ilang tujuan
Natar ngidul milang imah ngitung lembur
Nepi ka tungtung
Malik ngaler mapay tapak
Jog anjog ka gedong peteng, nu poek mongkleng

Peuting nu urang harita datang
Ukur nembongan
Reup sakiceup geus euweuh
Peuting nu urang peuting impian
Inditna bareng jeung datangna cahaya

KAKASIH PUTRI IMPIAN

Kakasih Putri Impian
Laras:  Madenda
Surupan: 4=Tugu
Sanggian: Atang Warsita
Rumpaka: Syukur Ds


Purbasari Ayu Wangi
Putrid bungsu Galuh nagri
Apingan para Pohaci
Permata Sang Guruminda, kahyangan

Betah-betah keur nyorangan
Nyaung-nyaung dinu singkur duh dinu singkur
Ditundung ku ingkang raka
Nebihkeun tatali asih, kadangwarga

Gunung Cupu semu anu milu ngungun
Rencang satia Lutung Kasarung
Nu iyatna rek bumela raga nyawa
Ka jungjunan Purbasari
Kakasih putrid impian

KURING LEUNGITEUN



Kuring Leungiteun

Laras: Madenda                         Sanggian: Yus Wiradiredja
Surupan 4=Tygu                      Rumpaka: Ir. Zahir Zahri


Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieu dikamanakeun
Genclang herang
Cikahuripan di leuwi Sipatahunan
Direka na papantunan
Kiwari ngan kari ngaran
Leungiteun kuring leungiteun
Dikamanakeun ieu dikamanakeun
Dongeng endah
Katumbiri taraje langit nu asri
Widadari turun mandi
Lumungsur ti kahyangan

Gusti rumasa diri gagabah
Ngagadabah alam endah kagungan Gusti
Gusti kiwari gunung bulistir
Nu tinggal caah jeung banjir
Ampun Gusti ampun

WUYUNG GANDRUNG

Wuyung Gandrung


Laras: Madenda                                   Sanggian/Rumpaka
Surupan: 4=Tugu                                    Iik Setiawan


Aya naon di salira
Hoyong teh nepangan bae
Aya naon di salira
Kasono taya kendatna

Aya naon di salira
Mun tepang geumpeur rasana
Aya naon di salira
Rek naros sesah kedalna

Da eta imut ngukuntit bae
Da eta teuteup karaos ngan neuteup bae
Da eta deudeuh ngusapan bae
Da eta hate cumantel bae

Wuyung gandrung hoyong tepung
Wuyung gandrung hoyong sing geura kasorang
Hoyong sing geura kabandang

DALINGDING ASIH

Dalingding Asih
Laras: Madenda
Surupan: 4=Tugu
Sanggian/Rumpaka
Ubun Kubarsyah

Dalingding asih nu kuring
Dalingding asih nu urang
Ngalangkang ngalangkang galeuh lamunan
Ngagalindeng tembang tilam kamelang

Basa kuring arek miang
Anjeun jajap ngahaleuang
Lawung patarema gandrung
Geter rasa cumarita duh kudu paanggang

Dalingding asih jatining ati
Jadi angkeuhan urang duaan
Di pengkolan urang pisah
Ret katukang sumoreang..duh..
Dalingding ngageuri diri
Sorana kantun harewos
Hawar hawar ngajauhan
Teuteup geugeut lir gugupay
Duh tembong deui gupay deui

PUSPITA



Puspita

Laras; Pelog/Degung                               Sanggian/Rumpaka
Surupan: 1 = Tugu                                              Nano S.


Puspita teh kembang
Nu asri dalingding siang
Puspita teh lambang
Nu mangkak ligar dina hate urang

Puspita teh cinta
Nu randakah ku kanyaah
Puspita mustika
Nu medal tina acining kaheman

Waktos saambung dina kembang
Wawangina tumerus na lelembutan
Harita aya geter, waktos damis kagaris
Siak pameunteu nu kapireng wuwuh manis

Dina kembang dilambangkeun cinta urang
Dina lagu dipantengkeun asih urang
Puspita
Jadi lagu pujaan satiap waktu keur urang

NAON LEPATNA



Naon lepatna

Laras: Pelog/Degung                               Sanggian/Rumpaka
Surupan: 1 = Tugu                                              Nano S.


Naon lepatna, naon dosana
Mun diri katarik geter simpati
Kabandang kamelang
Naon lepatna, naon dosana
Mun rasa rumasa, nyimpaykeun tresna
Mikaasih ka dirina

Kapan cinta kedah anteb jeung asihna
Kapan asih kedah tingtrim sumandingan
Sedeng rasa jumajap manteng eunteupna
Demi kasatiaan, janten jejer pamageuhna

Naon lepatna, naon dosana
Nepikeun tungkusan kalbu
Mustika asmara
Naon lepatna, naon dosana
Da niat rek saenyana
Mikaasih ka dirina

NGUMBAR SAWANGAN

Ngumbar Sawangan
Laras: Pelog/Degung
Surupan: 1=Tugu
Sanggian: Mang Koko
Rumpaka: R. Sukendar K

Paulna langit gumawang dina sawangan
Nanjeur katineung haleuang mapag lamunan
Teuing ku asri hariring datang ti mendi
Kadupak ombak kadupak ombak
Basisir ngalagu ketir

Panyawang labas ka peuntas
Dibarengan ku harewos
Nganteurkeun rasa kawaas
Kareueus ka nu geus ngiles

Panyawang labas ka peuntas
Dibarengan ku harewos
Nganteurkeun rasa kawaas
Kareueus ka nu geus ngiles

SUMEDANG KOTA KAMELANG

Sumedang Kota Kamelang
Laras: Pelog/Degung
Surupan: 1=Tugu
Sanggian/Rumpaka
Mang Endang

Sungkan miang paturay kudu paanggang
Kota Sumedang muntangan kadeudeuh melang
Surem teuteup ka hareup ku cipanon ngembeng
Naha Enung sumoreang
Pan miang mungkas adegan

Duh Tampomas ulah was-was
Piraku rek udar jangji
Ka konci ku Palasari
Keur Sumedang urang tandang
Ka Ibu Pertiwi urang ngabakti