Kakasih Putri Impian
Laras: Madenda Surupan: 4=Tugu | Sanggian: Atang Warsita Rumpaka: Syukur Ds |
Purbasari Ayu Wangi
Putrid bungsu Galuh nagri
Apingan para Pohaci
Permata Sang Guruminda, kahyangan
Betah-betah keur nyorangan
Nyaung-nyaung dinu singkur duh dinu singkur
Ditundung ku ingkang raka
Nebihkeun tatali asih, kadangwarga
Gunung Cupu semu anu milu ngungun
Rencang satia Lutung Kasarung
Nu iyatna rek bumela raga nyawa
Ka jungjunan Purbasari
Kakasih putrid impian
Tidak ada komentar:
Posting Komentar