Kamis, 28 April 2011

SABDA PUJANGGA

Sabda Pujangga
Laras: Pelog/Degung
Surupan: 1=Tugu
Sanggian/Rumpaka
Yoyo RW

Geus jadi kacapangan
Ti baheula nepi ka ayeuna
Anggitan para bujangga
Ngaran tempat nu ngandung siloka

Tumut ujaring karuhun
Surahaneun nu ayeuna
Saksina nu pandeuri
Pasti bakalna kasorang

Bandung heurin ku tangtung
Sumedang ngarangrangan
Garut jadi pangirutan
Cianjur katalanjuran

1 komentar:

  1. tah. ieu saé pisan.. sareng mangrupi koreksi kana rumpaka anu dikawihkeun ku sababaraha juru sekar anu kirang tepat. sim abdi pas mireng haleuang juru kawih asa aya nu teu luyu sareng rumpaka asli. margi kapungkur kantos latihan kanggé mirig porseni basa SMA (90an) rumpakana dugi ka apal pisan, asa teu pas dina cepil 😊. hatur nuhun pa kos, sakantenan pasihan terang para seniman anu lepat dina rumpaka lagu legenda anggitan pa yoyo ieu

    BalasHapus