Bangbara
Laras: Madenda Surupan: 4=Tugu | Sanggian/Rumpaka Ubun Kubarsyah Abu Iloh |
Katresna deudeuh nu maneuh
Teu luntur kungsi pajauh, pajauh
Katresna deudeuh nu meumeut
Teu laas nyorang papisah, papisah
Gumebyar caangna bulan
Kungsi kahalangan mega, duh….
Asih kasilih wanci
Kutulisan nu pinasti
Bangbara leungiteun kembang
Kareumpeukan dangdaunan
Bangbara duh bangbara
Huang hieung katalimbeng
Bangbara leungiteun kembang
Taya geusan pamuntangan
Pangancikan titis asih
Ditaman langgeng kaheman
Tidak ada komentar:
Posting Komentar