Peuting Nu Urang
Laras: Pelog/Degung Surupan: 1=Tugu | Sanggian/Rumpaka: Amas Tamaswara |
Peuting eta Enung, peuting nu urang
Sepi jempling, taya soara haringhang
Matak hariwang
Alam endah disanding bulan purnama
Bulan purnama
Simpe jempe matak betah
Ngumbara di pawenangan, di pawenangan
Peuting ieu Enung, kuring kapahung
Sasar lampah henteu puguh nu dijugjug
Ilang tujuan
Natar ngidul milang imah ngitung lembur
Nepi ka tungtung
Malik ngaler mapay tapak
Jog anjog ka gedong peteng, nu poek mongkleng
Peuting nu urang harita datang
Ukur nembongan
Reup sakiceup geus euweuh
Peuting nu urang peuting impian
Inditna bareng jeung datangna cahaya
Tidak ada komentar:
Posting Komentar