Sariak Layung di Gunung
Laras: Pelog Sanggian : Mang Koko
Surupan: 1 = Tugu Rumpaka: Dedy Windyagiri
Sariak layung di gunung
Sariak layung di gunung
Iber pasini patepung lawung
Teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung, Eh…
Ngawangwang nu dipigandrung, aduh..
Harendong meuhpeuy harideung
Jalan satapak rarambu leuweung
Kumalangkang rongheap nu kapitineung,…Eh..
Rongheap nu dipitineung, aduh..
Surya surup layung hibar
Ka tanjakan sawangan diumbar
Geus ngolebat ieuh samar-samar
Hariring asihna kapireng ngalalar
Angin tiis di mumunggang
Katitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh ieuh nu maranti
Sungkeman ka heman, saranggeuy malati
Tidak ada komentar:
Posting Komentar