Saminggu Kalangkung
Laras: Madenda Surupan: 4=Tugu | Sanggian/Rumpaka Atang Warsita |
Saminggu kalangkung
Urang tepung mung salangkung
Salira mendung di paying
Mungguh lucu tur kayungyun
Raksukan kabaya Bandung
Saminggu katukang
Urang tepang di pengkolan
Bari leumpang rerendengan
Najan ukur saliwatan
Teu sangka janten kenalan
Saminggu nu tos kaliwat
Hate bet nganteng tibelat
Ngahaja arek dipegat
Salira taya ngaliwat
Saminggu nu tos kalangkung
Hate teh teu weleh gandrung
Piraku salira pundung
Saminggu ngantosan
Salira taya nembongan
Bingung kumaha carana
Kamana kedah nyusulna
Teu puguh laratanana
Tidak ada komentar:
Posting Komentar