Hariring Bandung
Laras: Pelog/Degung Surupan: 1= Tugu | Sanggian/Rumpaka Ujang Suwarna |
Hariring hariring Bandung
Haleuang haleuang Bandung
Ngagalindeng sora degung
Mirig lagu degung panggung
Aduh Bandung, Puseurna Parahyangan
Aduh Bandung, Bandung tempat kabudayan
Kota kawarti , Pinuh wawangi
Bangsa lian oge mandang
Bandung nelah kota kembang
Nu kiwari
Bandung nu ngandung sajarah
Dayeuh AA nu katelah
Hariring, yu! Pikaeling
Haleuang, yu! pikamelang
Ka para nonoman Sunda
Kade lali budayana
Sampurasun uwa, nepangkeun abdi asep kawit ti bogor, hapunten gaduh kagegelan hoyong lirik lagu "hideung hideung kulit manggu",,,hatur nuhun, ngarojong urang ngamumule budaya urang,,
BalasHapusNyaritakeun eusi kawih hariring bandung
BalasHapus