Kamis, 28 April 2011

HARIRING BANDUNG

Hariring Bandung
Laras: Pelog/Degung
Surupan: 1= Tugu
Sanggian/Rumpaka
Ujang Suwarna

Hariring hariring Bandung
Haleuang haleuang Bandung
Ngagalindeng sora degung
Mirig lagu degung panggung

Aduh Bandung, Puseurna Parahyangan
Aduh Bandung, Bandung tempat kabudayan

Kota kawarti , Pinuh wawangi
Bangsa lian oge mandang
Bandung nelah kota kembang

Nu kiwari
Bandung nu ngandung sajarah
Dayeuh  AA  nu katelah

Hariring, yu! Pikaeling
Haleuang, yu! pikamelang
Ka para nonoman Sunda
Kade lali budayana

2 komentar:

  1. Sampurasun uwa, nepangkeun abdi asep kawit ti bogor, hapunten gaduh kagegelan hoyong lirik lagu "hideung hideung kulit manggu",,,hatur nuhun, ngarojong urang ngamumule budaya urang,,

    BalasHapus
  2. Nyaritakeun eusi kawih hariring bandung

    BalasHapus